Hapunten ema, hapunten bapak...Acan jadi jalmi anu tiasa balas jasa, tos saageng kie usia teh tos duapuluh saurna, tapi tacan aya kabisa.
Syukur alhamdulillah ayoh gaduh ema sareng bapak, nya muhun pasti orangtua mah pieun nyuhunkeun pangabales kana si pun anak, tos kacumponan seuri ku uih karompok assalamualaikum, salim cium dampal panangan oge bungahna kabina-bina saurna, komo bari cita-citana kabagja nya atuh eta nu dipikahoyong ema bapak.
Ema, bapak hapuntennnn....
Tacan tiasa jadi jalmi anu dipikabangga. Tapi kukituna oge ayoh teu eureun-eureun nyuhunkeun pidoa ema bapak sing dipasihan kasehatan, sing dipasihan kataatan agama, sing dibaguskeun bagjana, dilancarkeun sakolana, sareng dicaketkeun jodohna eta utamina :).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar